Beranda

Selasa, 27 April 2010

Laki-Laki

Puisi Idham Hamdani
LAKI-LAKI

Laki-laki yang baik
duduk di punggung bulan diagung-agungkan awanan
Pada perempuan hanya membisikan romantisisme berkepanjangan
bukan kehidupan melainkan panjang angan-angan
Maka dimanakah matahari
laki-laki yang baik yang lembut itu kehilangan kesejatian
Ia sangka bahagia dunia ada pada senyum dan kelenturannya
Sementara daun-daun layu butuh ditentang cahaya panas,
menusuk, menyesakkan
hingga stomata gerah dan mulai menyurung roda kehidupan

11 Juni 2000

Selasa, 06 April 2010

Senyum

Puisi Idham Hamdani
SENYUM

Senyumlah Dian!
Itu lebih luas dari rasa inginmu
itu lebih dalam dari jurang kekecewaan
itu lebih liat dari gelisah
Senyumlah
maka segala rasa pahit menjadi sia-sia
Gelap gulita hilang warna
Bening segala, hingga tak ada lagi bentuk air mata
Senyumi hidup
bila ia menusukmu kaku
Senyumi ia
biar ia malu
biar tenggelam di keluasan senyuman

10 Juni 2000

Kecewa (1)

Puisi Idham Hamdani
KECEWA -Dian

Ketidakpuasan asal-muasal kesengsaraan
Tapi tidak puas sangatlah manusiawi
Kita yang manusia,
mari mengenyam sengsara dengan nikmat!

9 Juni 2000

Senin, 05 April 2010

PADALISAN-PADALISAN HUJAN

Sajak Idham Hamdani
MUNGGAHAN HUJAN

Ombak nanjung ngagugunung
Kaguar tresna handeuleum langit-jagat
Ngawujud dina galiwota jomantara
Gelap jeung hujan papuket ocon di awang-awang

Aya galura asmara motah na angen-angen samodra
Péngpéongan ngamuk ngaranjah méga
Sahwat jagat ti alam mula
Muka duriat buringas sabeuleugeunjeur

Di antara kasadaran sela rénghap mayapada
Giris gareuwah dina lambak rosa
Sawah-sawah bet bengkah
Haté manusa limbung nguyung ku cidra

15 November 2001M, Bandung





Sajak Idham Hamdani
NAHA DEUDEUH TAH HUJAN TÉH

Angkeub geus loba cacarita ngeunaan sajarahing tresna
Tapi hujan nu murag mairan naha lain sapada sajak sajatén
Mangrébu keclak ngagurutuk nyipta mangpuluh bangawan
Gulidagna muru neumbrag babatu kalbu
Léok ngahilir ngaharéwos gumeter dumarégdég
Cucungah langit nyurung caah déngdéng ngemu duriat rosa
Anak adam kapéngpéongan linglung kudu ka mana nyédong
Di cakueum kebon haté
Atawa langsung bahé ka pasujudan


2005M, Bandung









Sajak Idham Hamdani
TUNGTUNG LINDU

Saréngsé topan megat balébat aya harepan nonggong gunung
Boa ogé kahariwang
Cahya ngabeureum bata di sabrang langit mulas beuteung-beuteung méga
Naha mekar jadi sesekar
Tawa ngarunggunuk jadi rurungga

2 November 2001M, Bandung














Sajak Idham Hamdani
SIBAT ANGIN DI MUMUNGGANG

Angin ngorondang tan kahayang
Ti baheula gé angin mah ngagandeuangkeun longkéwang
Tapi di gunung tiris ngahariring
Angin ngabatu jadi halimun
Lamun hawa dada nguniang tina rénghap
Sakedapan halimun peuray
Sakedapan tiris ngalenggek

2005M, Bandung












Sajak Idham Hamdani
LÉNGKAH BA’DA WALIMAH

Geus kaliwat
Pucuk duriat
Kari mudun nurugtug
Tan wates

Ilang rurungga medal lalanjung
Dunya rumanggieung dina longkéwang sawangan

2006M, Bandung













Sajak Idham Hamdani
JANGGÉLÉK LEMAH CAI HIJI INDUNG

Idinan ieu sakaratul maut micinta anjeun
Kawanojaan anu kapiceun rék dipuja
Lir anugrah mahadéwa

Teu loba nu bisa dipiharep ti anjeun
Tapi muga ieu duriat mampuh tur sanggup
Nyusun deui kawanojaan nu kapiceun

Kalangkang rompang nu diugung
Ngaréngkol jadi tutunggul pamulu nguyung
: muga anjeun tumuwuh jadi indung.

2006M, Bandung








Sajak Idham Hamdani
PADA KOPI

Katunduh ngalagu dina modérato konséra jangkrik
Lulungsé ditundung peteng jadi ropéa wirahma peuting nu seuseut
Dina regot galura laut
Mangsa tilem dina ranggieung dua alam
Diregot ogé sapada sajak nu mangwarsa nganti karamat pedar tina dirina
Nalika impian ngayang ka dunya beurang
Kanyataan mingkin galak kana idéalisme
Jalma-jalma tunduh pancala daria napas jaman

2006M, Bandung












Sajak Idham Hamdani
GIRIMIS KEUR DIAN
- awéwé paduriatan bapana


girimis téh peurih
neumbrag kalbu sedong iman
najan topan hantem ditotog-totog idajil kana jajantung
haroshos langit angger ngaguris kulit; najan ukur pras-pris
iklas ngan némbongan mangsa katiga
nu diwincik ti bihari keur ngipukan wawangi.

November 2001













Sajak Idham Hamdani
LALANGSÉ SATIA

Teu leuwih ti néwak angin
Nyileukeumkeun mangmang tina kulah bayah
Hm, tina buleud keureut geugeut renung baé sarébu hamham
Teuing dina kongkolak mana sumanget jagat nyumputna
Saban mangsa ngipuk spora supa
Ngarangkabang ngamangandeuh dina simpay satia
Teu puguh mana nu mekar
Kembang kasajatén atawa kembang akon-akon

Oktober 2001











Sajak Idham Hamdani
BAGÉA DUNYA

Geus lain deui hawa laut janari
Nahnay dibius hariring nyi manis duyung
Mangkali-kali urat getih ngarénjag dina peupeusan pucuk ombak
Ti ayeuna mata rék nyarangéngé neuteup laut apunjung
Rék ngaléngkah sadrah dina tatapakan cambéwék nyéksrék nyélékét
Wangun sukma dina pademén karang munara basisir sagara

Oktober 2001














Sajak Idham Hamdani
PAGUNEMAN JEUNG KEMBANG

Coba itung deui rembesan ibun di taman urang
Naha cukup bukti yén ganghar mekar dina lahunan
Anjeun remen ngangluhkeun makuta kembang nu rengat
Beueus mata anjeun ngadoja kateuluyuan hawa jeung wawangi
Tapi, lain hawa téh teu weléh ngahariringkeun hiliwirna angin
Ngusap lemah, ngeteyep sabar di sela-sela cucuk
Naha anjeun bet sangsi kana puitisna taman urang
Mangrébu sajak lahir jeung ngawirahma di dieu
Sok campa urat pigeulang, reungeukeun prosa liris ngamalir
Tina tiap kalakay nu murag.

Agustus 2001










Idham Hamdani téh guru di SMP Waringin. Resep nulis sajak ti keur budak. Tapi ari nu kaaku mah sajakna kakara dina basa Indonesia, dimuat dina sababaraha media lokal jeung nasional. Lahir di Tasikmalaya 21 Juni 1979. Kungsi aub di SST (Sanggar Sastra Tasik), tapi teu lila kaburu kabur ka Bandung. Di Bandung ulubiung di ASAS (Arena Studi dan Apresiasi Sastra) UPI. Kungsi ogé ngadegkeun KSSP (Komunitas Sastra Sunda Pentagon) nepi ka bubarna. Ayeuna matuh di Jl. Samoja No. 26 RT 05 RW 07 Kel. Samoja Kec. Batununggal, Bandung.